Rabu, 21 September 2022

Sapinah || pasal mertelakeun cai

قوله : فصل الماءقليل

"PASAL MERTELAKEUN CAI"

Ari cai eta kabagi 2:
1. Cai saalit : cai anu kurang tina 2 kulah
2. Cai loba : cai anu 2 kuliah tuluy lewih loba
     Ari ukuran 2 kuliah : 500kati urang bagdad,  ari cai saalit teh bisa jadi mutanajis lamun katibaan ku najis sok sanajan teu barobah rupa,  rasa,  ambeu. 
    Ari cai anu loba teh nyaeta cai anu henteu jadi mutanajis sanajan katibaan najis kajaba lamun barobah rupa,  rasa,  ambeu. 

Cai :
1. Tohir mutohir goiru makruhin
2. Tohir mutohir wa makruhin
3. Tohir goir mutohir
4. Goir mutohir

4 bagian cai :

1. الماءالمطلق (طهرمطهرغيرمكره)
      Cai suci tur nyucikn bari teu makruh di pake na, hartina cai suci ku datiahna tur nyucikeun kanu lianna (dalam arti bisa dipake wudu, dipake adus jeung sajabana). Lamun dipake wudu bakal suci tina hadas alit bari teu makruh di pakena. 
Contona cai anu biasa dipake ku urang saperti cai sumur, hujan jeung sajabana. 

2. طهرمطهرومكره
      Cai suci tur nyucikeun tapi makruh di pake na,  hartina cai suci ku datiahna tur nyucikeun kanu lianna ngan makruh dipakena. 
Contona saperti cai panas sabab kapanasan ku panon poe.

3.الماءالمستعمال (طهرغيرمطهر) 
          Cai suci ngan teu nyucikeun, hartina cai suci ku datiahna tapi teu nyucikeun kanu lianna. 
Contona saperti cai musta'mal bisa di pake nyuci tapi t bisa di pake wudu, saperti deui cai teh bisa di eueut tapi t bisa dipake susuci.

4. الماءالمتنجس (غيرمطهر) 
          Cai anu henteu suci kalawan datiahna jeung henteu bisa nyucikeun kanu lian na. 
Conto na cai mutanajis. 



Wallohua'lam

TIZAN || Sifat Hayat

الحياة

SIFAT HAYAT

        Wajib aqli alloh kasifatan ku sifat hayat hartosna hirup alloh.  Ari lalawanan sifat hayat nyaeta sifat maot hartosna maot alloh. 

    Ari gunana sifat hayat nyaeta pikeun tashih hartosna ngesahkn sifat hayat kanayen alloh kasifatan ku pirang - pirang sifat kapangeranan. 

Ari dalil aqlina nyaeta:

انه لوكان ميتالم يكن قادر ولا مدريد اولا عالم وهو محال

Hartosna :saestuna alloh lamun alloh maot maka pasti alloh moal kawasa,  koal kersa,  sareng moal uninga,  sedengkn eta th mustahil. 

Ari dalil Naqlina nyaeta:

الله لااله الا هو الحي القيوم

Hartosna : ari alloh eta teu aya deui pangeran kajaba alloh anu hirup tur nu jumeneng kalawan dat na. 

Rabu, 14 September 2022

Safinah || Niat

قوله : فصل النية

" PASAL MERTELAKEUN NIAT"

Aya nu di sebut niat,  aya nu di sebut ngajam

Ngaran niat :

قصدالشيئ مقترنابفعله

Hartosna : ngamaksud hiji perkara bari di barengan ku migawena eta perkara

Ngaran ngajam :

Ngamaksud hiji perkara bari henteu di barengan ku eta perkara. 

Ari tempatna niat eta Dina hate sanes dina lisan.  Ari ngucapkeun kana niat hukumna sunat.  Ari waktunya niat din nalika wudu nyaeta dina nalika ngumbah mimitina juz tina raray. 

Ari ngaran tartib nyaeta ngaheulakeun anggahota anu tiheula,  manderikeun anggahota anu panderi. 

TIZAN || Sifat Ilmu

العلم

SIFAT ILMU

Wajib aqli alloh kasifatan ku sifat ilmu hartosna uninga Alloh. 

Ari lalawanan sifat ilmu nyaeta jahlun hartosna bodo alloh.  Ari gunana sifat ilmu nyaeta pikeun inkyisaf hartosna narima kabuka tegesna sadaya perkara kauninga ku alloh. 

Ari dalil aqlina nyaeta:

انه لوكان جاهلا لم يكن مريداوهومحال

Hartosna : Saestuna alloh lamun alloh bukti anu bodo maka eta teu bukti alloh anu kersa sedengkeun lamun alloh hente kersa eta mustahil. 

Ari dalil Naqlina nyaeta :

وهوعلى كل شيئ عليم

Hartosna : Sareng ari alloh kana sadaya perkara eta anu uninga. 

Senin, 05 September 2022

TIZAN || Qudrot & Irodat

القدرة

SIFAT QUDROT

     Wajib aqli alloh kasifatan ku sifat kudrot hartosna kawasa alloh. Ari gunana sifat qudrot nyaeta pikeun ijad sareng i'dam hartosna pikeun ngayakeun sareng ngeuweuhkeun.  Ari lalawananna nyaeta 'ajzu hartosna apes alloh. 

Ari dalil aqlina nyaeta:
انه لوكان عاجزا لم يوجد شيئ من هذه المخلوقة

Hartosn: saestuna alloh lamun alloh apes maka pasti moal aya ieu sakabel makhluk

Ari dalil Naqlina nyaeta:

وهو على كل شيئ قدير
Hartosna: sareng ari alloh kana sadaya perkara eta anu kawasa

الارادة 

SIFAT IRODAT

Wajib aqli alloh kasifatan ku sifat irodat hartosn kersa alloh. 
Ari lalawananna nyaeta sifat karohah hartosna kapaksa alloh.  Ari gunana sifat irodat nyaeta pikeun takhosus hartosna nangtukeun kana sadaya barang anu mumkin. 

Ari dalil aqlina nyaeta:

انه لوكان كارها لكان عاجزا وهو محال

Hartosna: saestuna alloh lamun alloh anu kapaksa maka pasti alloh teh apes sedengkeun eta th mustahil. 

Ari dalil naqlina nyaeta:

فعال لمايريد
Hartosna: ari alloh eta anu seueur padamelan nana kana sadaya perkara eta anu ngersakeun. 

SAFINAH || Syarat susuci ku batu & fardhu wudhu

قوله : فصل شروط اجزاءالحجر

PASAL MERTELAKEUN SYARAT SUSUCI KU BATU

Ari pirang-pirang syarat susuci ku batu eta aya 8:
1) kudu bukti susucina ku 3 batu atawa batu 1 juruna 3.
2) kudu beresih tempatna
3) ulah waka garing najisna
4) ulah pundah -pindah tempatna
5) najisna ulah kedatangan ku najis anu sejen
6) najisna ulahbngaliwat kana bobokong jeung hasapahna na si jalma
7) najisn ulah kakeunaan ku cai
8) batuna kudu Nu suci

قوله : فصل فروض الوضوء

"PASAL MERTELAKEUN PARDUNA WUDU"

Ari pirang-pirang farduna wudu eta aya 6:
1) Niat wudu
نويت الوضوء لرفع الحدث الاصغر فرضا لله تعالى

Hartosna : niat abdi wudu karena ngilangkeun hadas alit fardu karena alloh ta'ala
2) ngumbah rarai
Ari batesan ngumbah rarai nyaeta : ti luhur samet jadina rambut. Ti gigir nepika pepentil cepil.  Tihandap nepik handapen gado. 
3) ngumbah pandangan 2 jeung sikuna 2 nana
4) ngusap sirah saalit
5) ngumbah sampean 2 nepi kana mumuncangan 2 nana
6) tartib (ngaheulakeun anggahota anu ti heula manderikeun ngumbah anggahota anu pandeuri) 

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3) PERKANTORAN

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3)PERKANTORAN   A.     Keselamatan dan Kesehatann Kerja (K3) Keselamatan dan keseha...