Rabu, 24 Agustus 2022

SAFINATUN NAJA || Rukun iman

 RUKUN IMAN

قوله : اركان الايمان

Ngaran iman:

1. Cek lugot : kadar-kadar percaya 

2. Cek istilah :

اقرار باللسان وتصديق بالجنان وافعل بالاركان

Hartosna : Di ucapkeun kulisan di benerkeun ku hate di pidamel ku anggahota badan


Ari sadayana rukun iman eta aya 6:

1). Iman kana ayana alloh swt. 

2). Iman kana ayana malaikat alloh

       Ari ngaran malaikat nyaeta jisim anu bangsa cahaya anu lemes lain lalaki, lain awewe, lain wandu, teu bapaan, teu ibuan jeung teu putraan, tru tuang, teu eueut, teu nikah, tarakulem, jeung sajabana. Anu bener dina sadaya amalna (teu pernah midamel dosa). 

       Ari sadaya jumlah malaikat teu aya nu ungaeun kajaba alloh swt. 

Ari jumlahnya malaikat anu wajib di kanyahokeun sadayana aya 10:

1. Malaikat jibril tugasna nurunkeun wahyu

2. Malaikat mikail tugasna nurunkeun hujan (ngabagi Rizki) 

3. Malaikat israfil tugasna niup sangka kala Dina poe kiamat

4. Malaikat izroil tugasna nyabut nyawa

5. Malaikat munkar tugasna mariksa di jero kubur

6. Malaikat nakir tugasna mariksa di jero kubur

7. Malaikat rokib tugasna nuliskeun amal sae

8. Malaikat atid tugasna nuliskeun amal awon

9. Malaikat malik tugasna ngajaga panto naraka

10. Malaikat Ridwan tugasna ngajaga panto surga


3). Iman kana kitab-kitab alloh

      Ari sadayana kitab alloh anu wajib terang kana sadaya jumlahnya eta aya 104 kitab. 

      Ari anu wajib terang kana hiji hijina kitab eta aya 4:

1. Taurat turunna ka nabi musa a.s

2. Injil turun na ka nabi isa a.s

3. Zabur turun na ka nabi Daud a.s

4. Al-quran turun na ka Muhammad saw

4). Iman ka para Rosul alloh swt. 

       Ari para nabi anu wajib di kanyahokeun kalawan gemlengan nana eta aya 124.000.

       Ari para rosul anu wajib di kanyahokeun kalawan gemlengan nana eta aya 313/315.

      Ari para rosul/nabi anu wajib di kanyahokeun kalawan wincikan nana eta aya 25:

1. Adam

2. Idris

3. Nuh

4. Hud

5. Soleh

6. Ibrohim

7. Luth

8. Ismail

9. Ishak

10. Yakub

11. Yusuf

12. Ayub

13. Syueb

14. Musa

15. Harun

16. Dzulkifli

17. Daud

18. Sulaiman

19. Ilyas

20. Ilyasa

21. Yunus

22. Zakaria

23. Yahya

24. Isa

25. Nabi Muhammad saw. 

Ngaran nabi nyaeta jalmi anu di pasihan Wahyu ku alloh kanggo anjeun na teu wajib di dugikeun ka umatna. 

Ngaran rosul nyaeta jalmi anu di pasihan Wahyu ku alloh kanggo anjeun na bari wajib di sampaikeun ka umat na. 

5). Iman kana poe akhir

6). Iman kana qodo sareng qodarna alloh

      Ngaran qodo nyaeta katangtuan ti alloh memeh makhluk aya di alam dunia. 

      Ngaran qodar nyaeta katangtuan alloh dimana-mana makhluk tos aya di alam dunia. 

Qodo sareng qodarna alloh nu sae sareng nu awon wajib di imani sabab eta ti gusti alloh. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3) PERKANTORAN

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3)PERKANTORAN   A.     Keselamatan dan Kesehatann Kerja (K3) Keselamatan dan keseha...