Rabu, 31 Agustus 2022

TIZAN || Wahdaniat

الوحدانية

SIFAT WAHDANIYAT

   Wajib aqli Alloh kasifatan ku sifat wahdaniat hartosna sahiji Alloh. 

   Ari ma'na salabiahna sifat wahdaniat nyaeta henteu bingbilangan. Jadi sahiji alloh henteu bingbilangan. 

     Ari lalawanan sifat wahdaniat nyaeta sifat ta'adud hartosna bingbilangan alloh.

Ari sifat wahdaniat kabagi 3:

1. Wahdaniat piddat hartosna sahiji alloh dina datna

2. wahdaniat pissifat hartosna sahiji alloh dina pirang-pirang sifatna

3. Wahdaniat pilaf'al hartosna sahiji alloh Dina padamelannana

    Tina wahdaniat piddat kabagi 2 :

1. Wahdaniat piddat kamuttasil hartosna nyaeta hiji dat alloh sanes gabungan tina juz anu bingbilangan conto cangkir. 

2. Wahdaniat piddat kammunfasil hatrisna nyaeta hijina dat alloh sanes sabagian tinu lobaan (sanes bagian tinu sejen) 

Ari dalil aqlina nyaeta:

انه لوكان متعدد لم يوجد شيء من هذه المخلوقة

Hartosna : Lamun bukti alloh eta anu bingbilangan tangtu moal aya ieu alam. 

Ari dalil Naqlina nyaeta:

قل هو الله احد

Hartosna : wartoskn ku anjeun ari alloh eta nu sahiji. 

Tina wahdaniat pissifat kabagi 2 :

1. Wahdaniat pissifat kamuttasil hartosna hiji sifat alloh te aya rangkepan nana

2. wahdaniat pissifat kammunfasil hartosna diluar alloh t ays nu kagungan sifat kapangeranan. 

Tina wahdaniat fil af'almah teu aya kamuttasil jadi mung wahdaniat fil af'al kammunfasil. 

Wahdaniat fil af'al kammunfasil hartosna diluar alloh teu aya anu kagungan tapak damel. 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3) PERKANTORAN

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3)PERKANTORAN   A.     Keselamatan dan Kesehatann Kerja (K3) Keselamatan dan keseha...