Sifat Baqo
البقاء
Wajib aqli Alloh kasifatan ku sifat baqo hartosna langgeng Alloh.
Ari ma'na salabiahna sifat baqo nyaeta teu aya tung-tungna. Jadi langgeng alloh t aya tung-tungna.
Ari lalawanan sifat baqo nyaeta sifat fana hartosna ruksak alloh.
Ari baqo kabagi 3:
1. Baqo nisbi
Nyaeta langgengna hiji perkara dibandingkeun srg anu sejen na. Conto : seperti batu lewih kuat tinimbang kai
2. Baqo zamani
Nyaeta langgengna hiji perkara pedah kakurung ku zaman. Conto : langgengna surga
3. Baqo hakeki
Nyaeta langgeng anu sabenerna lain pedah di bandingkeun sareng anu sejen na sareng henteu kakurung ku zaman. Seperti langgengna gusti Alloh.
Ari dalil aqlina nyaeta :
انه لوكان فانيا لكان حادثا وهو محال
Hartosna : saestuna alloh lamun alloh ruksak makan pasti alloh teh anyar sedengkeun eta mustahil.
Ari dalil naqlina :
ويبقى وجه ربك ذالجلال والاكرام
Hartosna: sareng tumetep moal aya tung-tungna dat pangeran anjeun anu kagungan kaagungan jeung kamuliaan.
المخالفة للحوادث
Sifat mukholafatullilhawadisi
Wajib aqli alloh kasifatan ku sifat mukholafatullilhawadisi hartosna bed alloh jeung sakabeh anu anyar. Ari ma'na salabiahna sifat mukholafatullilhawadisi nyaeta teu aya sarupana. Jafi beda alloh jeung sakabe anu anyar t aya sarupana.
Ari lalawanan sifat mukholafatullilhawadisi nyaeta mumasalatullilhawadisi hartosna sarupa alloh jeung sakabeh anu anyar.
Ari dalil aqlina nyaeta:
انه لوكان مماثلا للحوادث لكان حادثاوهو محال
Hartosna : saestuna alloh lamun bukti alloh sarupa jeung nu anyar maka pasti alloh teh anyar sedengkn eta mustahil.
Ari dalil naqlina nyaeta:
ليس كمثله شيئ
Hartosna : henteu aya 1 perkara oge anu seperti alloh
Tidak ada komentar:
Posting Komentar