عقده نبوية
Akidah nabawiyah esina aya 9 sifat nyaeta :
4 sifat nu wajib di rosul
4 sifat nu mustahil di rosul
1 sift nu wenang di rosul
الصدق
Sifat Sidik
Wajib ka para rosul ka sifatan ku sifat sidiq. Wajib didieun tiasa dihartoskn jadi 3 rupa:
1. Wajib aqli
Nyaeta kaharti ku aqal gorizi lamun rosul kasifatan kusifat sidik, teu kaharti ku aqal gorizi lamun rosul teun kasifatan ku sifat sidik.
2. Wajib sar'i ka sakur jalma mukalaf nekadkeun yen para rosul kasifatan kusifat sidik kalawan jaminan sah iman na lamun nekadkeun sarta bakal diganjar, sareng henteu sah imanna lamun henteu nekadkeun sarta bakal di siksa.
3. Wajib sar'ika para rosul sareng kasadaya mukminin kasifatan ku sifat sidiksarta bakal diganjar kusidikna sareng bakal disiksa ku henteu sidikna.
Ari lalawanan sifat sidik nyaeta kidib hartosna bohong.
Ari dalil aqlina nyaeta
انهم لوكاذب لكان خبرالله سبحانه وتعالى كذب وهو محال
Hartosna : saestuna para rosul lamun rosul bohong maka pasti wartos ti alloh bohong sedengkeun eta mustahil.
Ari dalil naqlina nyaeta:
ولماراءالمؤمنون الاحزاب قال هذاماوعدناالله ورسوله وصدق الله ورسوله ومازادهم الاايماناوتسليما
Hartosna : sareng dina waktu mu'minin ningali rombongan tentara kapiran maka aranjeunna sasauran : ieu teh eta nu dijadikeun ku alloh sareng rosul na sareng bener alloh sareng rosulna sareng henteu tambih-tambih ka aranjeun kajaba kaimanan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar