Assalamu'alaikum sahabat kaba, semoga slalu ada dalam lindungan sang maha pencipta. salam kenal teman - teman semua saya Kania Barokah seorang mahasiswa yang sedang menempuh gelar sarjana juga seorang santri yang masih belajar dalam memperbaiki diri. Semoga blog ini bermanfaat bagi teman-teman semua. jangan lupa follow. "Buat apa pintar tanpa akhlak mulia". kesuksesanku untuk kedua orang tua ku.
Sabtu, 11 November 2023
Studi kasus BAB 3 kelas 12 OTKP
Selasa, 07 November 2023
Studi Kasus K3 (Keselamatan dan Kesehatan Kerja)
Safinah|| Nu ngawajibkeun kana adus
فصل : موجبات الغسل
PASAL MERTELAKEUN ANU NGAWAJIBKEUN KANA ADUS
Ari anu ngawajibkeun kana adus eta aya 6 :
1. Ngasupkeun hasapah kana parji
2. Kaluar cai mani
3. Haid
4. Nifas
5. Ngajuru
6. Maot
Ket.
Ngaran haid : getih anu kaluar tina parjina istri dina kaayaan sehat tur dina waktu na.
Ngaran nifas : getih anu kaluar tina parjina istri saatos ngalahirkeun
Ngaran wiladah: getih anu kaluar tina parjina istri anu sareng jeung orok kaluarna.
Safinah|| Farduna Adus
فصل: فروض الغسلPASAL MERTELAKEUN FARDUNA ADUS
Ari farduna adus eta aya 2:
1.Niat
2. Ngawalatraan sakabeh badan ku cai
Adus menang satengah-satengah.
Catatan :
Niat adus tina hed :
نويت الغسل لرفع الحدث الاكبر عن الحيض فرض لله تعالى
Hartosna : niat Abdi adus ngilangkeun hadas ageung tina hed pardu karna Alloh ta'ala.
Niat adus tina nifas :
نويت الغسل لرفع الحدث الاكبر عن النفاس فرض لله تعالى
Hartosna : niat Abdi adus ngilangkeun hadas ageung tina nifas pardu karena Alloh ta'ala
Niat adus tina ngajuru :
نويت الغسل لرفع الحدث الاكبر عن الولادةفرض لله تعالى
Hartosna : Niat Abdi adus ngilangkeun hadas ageung tina wiladah fardu karena alloh ta'ala.
TIAZAN || Sifat Kalam
الكلام SIFAT KALAM
Wajib aqli alloh kasifatan ku sifat kalam hartosna ngadawuh.
Ari gunana sifat kalam nyarta pikeun "dilalah" hartosna nuduhkeun
Ari lalawanan sifat kalam nyaeta sifat "bukmun" hartosna pire alloh.
Ari kalam kabagi 2:
1. Kalam dal
Nyaeta dawuhan alloh anu aya soraan sareng aya aksaraan . Conto Al-Qur'an
2. Kalam madlul
Nyaeta dawuhan alloh anu teu aya soraan sareng teu aya aksaraan nyaeta kalam alloh anu qodim.
Ari dalilna :
وكلم الله موس تكليم
Hartosna: sareng parantos ngadawuh alloh ka nabi musa kalawan dawuhan anu sebenerna.
Safinah|| syarat wudu
قوله : فصل شروط الوضوء
PASAL MERTELAKEUN SYARAT WUDU
Safinah|| batal wudu
فصل نواقض الوضوء
PASAL MERTELAKEUN NU NGABATALKEUN KANA WUDU
TIZAN || Muqodimah II
عقيده الوهيه
SIFAT || QODIRON - 'ALIMAN
قادرا
SIFAT QODIROON
مريدا
SIFAT MURIDAN
عالما
SIFAT 'ALIMAN
TIAZAN || Sifat hayan - mutakaliman
حيا
SIFAT QOUNUHU HAYAN
Sifat qounuhu hayan
No ka 4 tina sift ma'nawiyah nyaeta sifat qounuhu hayan hartosna bukti alloh anu hirup. Ari lalawanan na nyaeta sifat qounuhu mayitan hartosna bukti alloh anu maot.
Ari dalilna sami sareng sifat hayat
سمعيا بصيرا
SIFAT QOUNUHU SAMI'AN BASIRON
Sifat qounuhu sami'an + sifat qounuhu basiron
No ka 5 sareng ka 6 tina sifat ma'nawiyah nyaeta sifat qounuhu sami'an + basiron hartosna bukti alloh anu ngadangu + ningali. Ari lalawananna nyaeta sifat qounuhu asomam + a'ma hartosna bukti alloh anu torek+lolong.
Ari dalilna sami sareng sifat sama basor
متكلما
QOUNUHU MUTAKALIMAN
Sifat qounuhu mutakaliman
No ka 7 tina sifat ma'nawiyah nyaeta sifat qounuhu mutakaliman hartosna bukti alloh anu ngadawuh. Ari lalawanan na nyaeta sifat qounuhu abkama hartosna bukti alloh anu pireu.
Ari dalilna sami sareng sifat kalam.
Sifat jaiz di Alloh
.. قوله : والجئزفي حقه تعالى فعل
Ari sifat anu wenang di alloh eta midamel atawa henteu midamel sakur anu mumkin. Tegesna wenang Alloh nyiptakeun sareng henteu nyiptakeunnana maka hukumna "ieu alam mumkinul wujud". Wenang ayana sareng henteu ayana.
Ari dalil aqlina nyaeta :
انه لووجب عليه سبحانه وتعالى فعل شيئ اوتركه لصارالجائزواجبااومستحيلاوهومحال
Hartosna : Lamun Alloh wajib midamel barang mumkin maka pasti barang mumkin bakal robah jadi wajib ayana atanapi lamun Alloh mustahil midamel barang mumkin maka pasti bakal robah jadi mustahil ayana sedengkeun eta dua gambaran teh mustahil.
Sabab jelas barang mumkin wenang ayana sareng wenang henteu ayana tandana robah-robah.
Ari dalil naqlina :
ان يشٱيدهبكم ويٱتى بخلق جديد
Hartosna : upami Alloh ngesahkeun pikeun ngaleungitkeun aranjeun maka pasti Alloh ngaleungitkeun anjeun sareng bakal ngadatangkeun makhluk anu anyar.
Sifat Wajib di Rosul (Sidiq)
عقده نبوية
الصدق
5 jenis getih nu kaluar ti istri
5 jenis getih anu kaluar ti istri :
- Getih hed : getih anu kaluar tina palawangan istri bari kaayaan sehat. Galibna 7 hari/malam saalitna 1 hari/malam pang seeurna 15 hari/malam.
- Getih nifas : getih anu kaluar saba'da ngalahirkn. Galibna 40hari/malam, saalitna sagejrotan, pang seueurna 60hari/malam.
- Istihadoh : getih anu kaluar tina rahim rek nyarupaan getih hed + nifat. Sok biasa di sebut getih panyakit.
- Getih tolkin : getih anu kaluar saba'da getih hed/ nifas.
- Getih mutahayiroh : getih anu kaluar lian getih hed
Cai kabagi 4
4 bagian cai :
Sifat wajib di Rosul (Amanah)
الامانة
SIFAT AMANAH
Sifat wajib di Rosul (Tabligh)
تبليغ
SIFAT TABLIGH
BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3) PERKANTORAN
BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3)PERKANTORAN A. Keselamatan dan Kesehatann Kerja (K3) Keselamatan dan keseha...
-
SAFINATUN NAJA Penjelasan 1 ( Klik ) Rukun Islam ( Klik ) Rukun Iman ( Klik ) Ma'na Laailaha illallah ( Klik ) Syarat susuci ku batu ...
-
PARAHU KASALAMETAN Ari anu ngarang kitab sapinatun naja teh nyaeta syekh Muhammad Nawawi albantani. Penjelasan بسم الله الرحمن الرحيم Pa...
-
RUKUN IMAN قوله : اركان الايمان Ngaran iman: 1. Cek lugot : kadar-kadar percaya 2. Cek istilah : اقرار باللسان وتصديق بالجنان وافعل بالارك...