Kamis, 04 April 2024

11 golongan jalma nu di salametkeun ku Alloh dunia akherat

 

Teks Pidato

Teks 1 :

Faqodqolallohuta’ala fiil qur’anil karim :

وَأَنْفِقُوا فِي سَبِيلِ اللَّهِ وَلَا تُلْقُوا بِأَيْدِيكُمْ إِلَى التَّهْلُكَةِ ۛ وَأَحْسِنُوا ۛ إِنَّ اللَّهَ يُحِبُّ الْمُحْسِنِينَ

Waqolannabiyyu sollallohu’alaihi wasallam:

مَنْ كَانَ يُؤْمِنُ بِاللَّهِ وَالْيَوْمِ الآخِرِ فَلْيَقُلْ خَيْرًا أَوْ لِيَصْمُتْ’

Hadirin rohimakumullah

Bapak ibu, hoyong salamet dunia akherat?

Aya katerangan dina kitab qutil qulub ciri jalma nu rek disalametkeun ku alloh dunia akherat aya 11 :

  1.       Nyaeta jalma nu juhud tina dunia bari dibarengan hate mahabbah ka akherat.”

Ari urusan juhud teh lain dina jasad. Conto “ah abimah zuhud, baju ge ngan boga 1, ari solat tara” lain ge juhud etamah. Jalma nu juhud lain berarti jalma nu te boga dunia tapi jalma nu juhud tina dunia nyaeta jalma anu ngosongkeun hatena tina dunia, tegesna ngosongkeun suroh akwan tina hate. Kajeun ayeuna boga dunia loba tapi tong di asupkeun kana hate. Sabab naon? Lamun ayeuna boga dunia diasupkeun kana hate dimana lengit sok nyeri hate,,, conto “ibu bapak sok nyeri hate lamun lengit artos?

Tah dimana ayeuna urang juhud tina dunia, dimana boga dunia moal jadi matak katungkul kana dunia sahingga mopohokn kana ibadah.

Cek imam gozali “orang yang mengatakan bahwa dia cinta kepada alloh, takut terhadap alloh tapi dia hubbuddunia maka dia adalah orang dusta”

Saur Imam asadili juhud kabagi 3:

1. Zuhud am : tarkul haram (ninggalkn sakabeh perkara nu di haramkeun) 

2. Zuhud khos : tarkul pudulu minal halal (ninggalkeun leuleuwiheun tina halal) 

3. Zuhud akhosul khowas : tarku ma yusgilu 'anillah(ninggalkn sakabeh perkara  nu matak ka tunggul ngajauhkn ti allah) 

Kajeun ayeuna urang tepati loba boga dunia tapi dipikacinta ku alloh, sabab jalma nu dipikacinta ku alloh sagala urusan nana ditanggung jawab ku alloh.

Dimana urang fakir tapi hayang lancar urusan maka cek ahli-ahli alloh anjeun kudu rido dina pengaturan Alloh.

Saur kanjeng rosul :”kaula ningali umat kaula disurga teh nu palakir”

Pertarosan : nupakir kumaha kanjeng rosul, naha nu pakir t boga duit? Lain

Ma’na fakir nu dimaksud kanjeng rosul 2 nyaeta:

1)      Fakir nu sobar nalika teu boga

2)      Fakir keur boga teu ngaku diri boga tegesna jalma nu sagala boga tapi teungaku nu dirina

Jadi dimana urang hyong salamet dunia akherat teh tong hubbuddunia, sabab jalma nu hubbudunia moal ngarasa cukup sanajan dunia ku manehna sorangan.

Tului sajabaning ayeuna zuhud cek tadi teh bari dibarengan ku cinta ka akherat. Khususiat cinta ka akherat teh ngajauhan kana maksiat, ngajauhan perkara-perkara nu teu manfaat.

Ihhhhh kumaha atuh da abimah terlanjut migawe maksiat??? Tong putus asa. Sabab putus asa teh salasahiji ciri suul khotimah. Dimana urang tiba kana maksiat tong putus asa sabab mulia keneh jalma nu migawe maksiat bari ngaku dirina salah tului tobat ka alloh daripada jalma nu ahli ibadah tapi ngakukeun ibadah nang manehna. Maka dimana urang ngalakonan maksiat sok tobatan kalawan taubatannasuha. Aya geuningan siiran nana...

“syarat tobat anu soheh aya 5 :

1)      Lesot tina dosa nutiheula

2)      Neja moal arek balik deui

3)      Ngges rasa ketir tina ati

4)      Lamun dosa nateh hak adami, menta rido bandana pulangkeun deui

5)      Istigfar menta panghampurana ka gusti alloh ta’ala nu utama

Saur Aba ‘ali addaqoq rohimahulloh “attaubatu ‘ala tsalasatu aqsamin”

Tobat teh kabagi 3 bagian :

Tobat : ngerenan dosa jawarih saperti ayeuna jalma ngerenan maling. Tobatna teh sabab sieun disiksa

Inabah : mgerenan dosa hate saperti ria. Dina nalika ibadah lengirkeun ria dina hate. Tobat nateh ngarepkeun ganjaran

Aobah : ngerenan dosa sir. Ieumah tobatna lain karena sieun disiksa lain karena hayang ganjaran tapi ikhlas karena alloh

2. “Himmahna eta jalma kana ibadah jeung rajin maca al-qur’an sarta ngamalkeun isi al-qur’an”

Nudimaksud himmah dina ibadah yaeta salamina hatena eta jalma dieusian ku mahabbah ka ma’bud. Manggih halawah dina ibadah na sahingga ngalaksanakeun ibadah teh bungah. Ari urang kumaha ibu2 bapa2 ibadah teh tos karasa ni’mat atawa mararaksa keneh???

Keun teu nananon ayeuna ibadah urang mimitina dipaksakeun heula engke laun laun mah jadi terbiasa

Ibadah teh kabagi kana 5 kategori:

1)      Ibadatun qolbiah/ ibadatun i’tiqodiatun nyaeta ibadah nubangsa patekadan. Saperti ayeuna urang teh nekadkeun nungarizkian teh alloh, nu ngabisakeun urang ibadah teh alloh.

2)      Ibadatun badaniah nyaeta ibadah bangsa badan saperti ayeuna urang ngalaksanakeun solat, terus ayeuna urang munggah haji pan eta munggah haji teh butuh fisik nu kuat leres???

3)      Ibadatun lafdiah nyaeta kungucapkeun na diitung ibadah contona ayeuna saperti kumaha?? Saperti ayeuna urang teh maca al-qur’an, dzikir, maca kitab. Dari pada ayeuna urang maca WA kitu kannya nu moal aya ganjaranna masing sabaraha puluh balik oge, tapi ayeuna maca al-qur’an sok sanajan saayat insyaalloh aya ganjarannana

4)      Ibadatun maliah nyaeta ibadah nu ta’alukna jeung harta contona ayeuna saperti zakat, sodaqoh, infak jeung sajabana

5)      Ibadatun tarkiyah ieumah jadi disebut ibadah dimana ditinggalkeun nana contona saperti ayeuna urang ninggalkeun zina, maling, mabok pokonamah ninggalkeun saban-saban pamaksiatan eta di itung ibadah

Kunaon ayeuna alloh ngahadirkeun mangrupa-rupa ibadah?hartina ibadah teh loba henteu ngan solat hungkul? Dijawab ku syekh ibnu atoilah dina kitab hikamna, bahwa saking ku ngartina alloh ka makhlukna bahwa jamli teh kan beda2 kahayang na beda2 karesepna jeung di jalmi mah sok aya rasa bosen, tah supaya ayeuna jalma teu bosen maka alloh ngahadirkeun mangrupa-rupa jenis ibadah supaya dina nalika urang bosen hayoh we maca solawat aya maca qur’an neun.

Ari al-qur’an teh kalamulloh, wahyu nu diturunkeun ku alloh melalui malaikat jibril. Inti tina ajaran al-qur’an teh nyaeta amal ma’ruf nahyil munkar. Sok lakonan perkara nu diparentah ku alloh, jeung jauhan perkara nu dilarang ku alloh. Ahli hukama mengatakan bahwa “cintailah siapapun dia kalau tidak bisa mencintai jangan sakiti dia”. Jadi urang teh kudu berbuat baik kepada siapapun itu karena alloh menyukai orang – orang yang berbuat baik.

3.     3. "Saetik nyarita, nyaritanan saukuran pagabutuh”

Hartina jalma nu rek disalametkeun mah tara loba cacarita nu teu manfaat. Dimana nyarita teh sok nu manfa’at. Aya katerangan hadis” مَنْ كَانَ يُؤْمِنُ بِاللَّهِ وَالْيَوْمِ اْلآخِرِ فَليَقُلْ خَيْرًا أَوْ لِيَصْمُت” Barang siapa yang beriman kepada Allah dan Hari Akhir maka hendaklah ia berkata baik atau hendaklah ia diam.

Jadi ayeuna daripada urang cacarita tapi nu te manfa’at lewih alus keneh repeh. Sabab saur imam qusaeri : saha jalma nu salah fatal ngomong ngagagalkeun musyahadah.

Matak urang teh kudu bisa ngajaga lisan urang, ulah etik etik ngagogoreng, eutik eutik nganyeri hatekeun, komo ngagibahkeun tatanggamah.

4.      4. "Ngajaga solat nu 5 waktu”

Nudimaksud ngajaga solat didieu nyaeta :

1)      Bener migawe ibadah nu di atur ku elmu fikih, makom abidin

2)      Bener migawe ubudiah nu diatur ku elmu tasawuf, makom muridin

3)      Bener migawe abudah nu di atur ku elmu tauhid, makom wasilin

Matak lamun ayeuna urang hayang bener solatna nepika diganjar maka kudu ngangge 3 elmu nutadi, jalma nu bener solatna bakal jadi nur pikeun manehna, matak aya jalma nu sok solat tapi kalakuanna teu bener eta teh lain salah solatna tapi jalma nu solatna teubener, solat nateh paya solat sahingga eta solat lain jadi cacaang keur manehna tapi kalah jadi popoek keur manehna.

Bener sakabeh amalna jalma gumantung kana solatna, bener jeug teu bener solatna gumantung kana imanna, bener jeung teu bener imanna gumantung kana yakinna.

5.      Ngabogaan sifat Waro dina nu saetik atawa loba”

Tegesna ayeuna apik dina barang pake jeung dina barang tuang. Waro teh 2:

1)      Waro am : tegesna ngaraksa tina barang haram, hartina manehna apik, tara nuang jeung make barang haram. Contona saperti tara nginum arak

2)      Waro khos : tegesna ngaraksa tina barang subhat, hartina boro-boro nu haram nu subhat ge teu di tuang

Matak ayeuna jalma nu waro mah tara jabrah dina barang tuang jeung make na, dimana aya barang ngagoler dimana teu apa nu saha sahana tara wani nyepeng, dimana aya senal batur tara wani make,,, ari urangmah beda nya, aya sendal saha ge dipake we tah eta gasab ngarana, cek ahli-ahli allah mah gusab gasab teh doraka eta teh...

6.      Rerejeungan jeung jalma soleh”

Aya papatah dimana urang gaul jeung tukang parfum pasti kabawa sengit parfum lain jadi sengitna oli, tah dina bergaul ge kitu ayeuna urang gaul jeung jalami-jalmi soleh insyaallah kacandak solehna.

Cara bergaul :

1)      Faktor internal :dibimbing ku guru, ku ngaji tegesna di didik ku pembelajaran

2)      Faktor external : tina faktor lingkungan

Nu paling ngaruh biasana tina faktor lingkungan, sok ayeuna kieu ibu2 punten nu teu pati boga bergaul jeung ibu2 nu benghar, uling ka imahna, walah pas diimahna ibu2 nu teu pati boga teh sagala nempo di eta imah sagala aya, atuh balik ka imah teh gegerewekan ka salaki hayang dipang meulikeun sagala, puguh salaki teh ngan saukur gawe ka sawah. Tah eta teh rumus mempersulit hidup, hirup hayang gampangmah da sing tau diri, bahkan cek ahli—ahli allohmah “man ‘arofa nafsah paqod ‘arofa robbah” saha jalma nu apal kana dirina pasti apal ka alloh. Ayeuna rek apa kana diri kumaha syukuran oge teu bisa, da nu memeper sulit hidupmah diri urang sorangan, sok ayeuna jalma nu fakir kunaon sok lolobana tara bahagia? Sabab hayang benghar dan lamun ayeuna jalma fakir teu hayang benghar, syukuran dina kaayaan nana da moal susah, jadi nu ngahesekeunmah rasa hayang bengharna tapi ku alloh teh di tetepkeun dina fakir. Matak rumus hirup hayang bahagiamah narimakeun paparin ti pangeran ku cara syukur.

Tah ayeuna dipasihan rumus syarat boga babaturan cek abu tolib al maki:

a.       Kudu boga babaturan nu boga akal sampurna

b.      Kudu boga babaturan nu alus akhlak na

c.       Kudu boga babaturan nu ngabogaan sifat tawadu

d.      Kudu boga babaturan nu boga elmu sarta bisa ngamalkeun kana elmuna

e.       Carilah teman yang sepadan denganmu. Mun urang ayeuna semangat dina ibadah teangan deui babaturan nu semangat kana ibadah, ameh naon? Ameh ayeuna urang lewih semangat dina ngalakonan ibadahna

f.        Sanggup rerejengan jeung jalma soleh

7.      Ngabogaan sifat tawado lain takabur”

Tawado teh teu ngaku diri boga darajat, teu ngaku diri sampurna, gede rumasa loba kakurangan.

Sabalikna ari takaburmah ngaku diri pang muliana, ngaku diri sagala bisa, pokonamah nu takaburmah asa pang aingna hirupna teh. Asa hirup teh pang luhurna sahingga wani ngahinakeun ka batur, mun dina ibadah asa pang benerna sahingga ngakafirkeun ka batur.

Ayeuna lamun urang hayang jadi kakasih alloh piceun sifat takabur tina hate, piceung rasa akuan tina hate sabab naon? Ayeuna lamun cek paribahsananya, urang teh obah, nungabisakeung obah saha? Allah. Berarti ayeuna urang bisa ibadah, bisa mere, jadi RT, jadi kubernur, tulu bisa ngawuruk. Etateh ngan saukur dibisakeun ku allah. Nu aya di urang teh eta teh asar ap’al alloh. Nu boga ap’al mah alloh, lamun ayeuna urang ngaku keun diri bisa, nang kuring eta gawe teh berarti urang ngakukeun sifatan allah di urang tah eta kikituan teh musyrik khofi,,, waduh, jadi ayeuna urang sok nyebut musyrik kabatur teu nyaho diri sorangan nu musyrik teh,,, astagfirullohal’adzim,,,,

8.      Ngabogaan sifat bageran, sommeah, berehan”

Tah matak lamun ayeuna urang hayang salamet dunia akherat sok sing bageran kabatur, jeung batur teh silih bantuan mun bogaeun kasusah tulungan komo mun jeung tatanggamah kudu lewih silih tulungan, dimana boga silih mere. Ulah ieumah tatangga jeung tatangga teh silih mumusuhan, silih delitan, silih ngomong keun.

Terus ayeuna urang sing gawe hade ka sasama makhluk allah, teu ngan saukur ka jalma, tapi ka sakabeh makhluk allah. Kunaon dih ayeuna urang kudu bageur ka batur? Sabab “Innalloha yuhibbul muhsinin” Allah mah resesp ka jalma-jalam tukang migawe kaalusan.

9.      Boga sifat kasih sayang ka papada makhluk alloh”

Rasa kanyaah teh bakal timbul lamun ayeuna urang saling mengerti, aya kata2 kieu yeuh “jangan hanya mau dimengerti tapi cobalah untuk saling mengerti”. Matak ari hirup hayang damai, rumah tangga hayang akur, harmonis mah kudu saling mengerti antar suami istri, salaki sing apal kana kawajiban, sebagai istri oge kudu apa kawajiban kanu jadi salaki teh nwn. Lamun aya permasalahan sok obrolkeun, ulah kalah maledogan piring, atuh tangel engke teh kudu meli deui piring mun ek tuang teh, kermah teu boga duitna,, ripuh. Kapan cek ahli pakar kata ge “cintailah siapapun dia kalau tidak bisa mencintai jangan sakiti dia”

10.      “Hirupna slalu memberi manfaat kepada orang lain”

Tah ieu yeuh, urang teh hirup kudu bisa mere manfaat ka batur. Atuh sok aya paribasa kieu geuning “pengperiheun atuh teu bisa mere manfaat kabatur cik atuh ulah nyusahkeun”. Jadi urang teh sing jadi jalma nu manfaat. Sabab “Khoirunnas angfauhum linnas” sebaik-baik manusia adalah yang memberikan manfaat kepada orang lain.

11.      “Selalu ingat mati”

Tah nalika ayeuna urang hirup sok sing loba inget kana maot, sabab lamun urang loba inget kana maot urang teh loba eling. Ayeuna kunaon urang wani migawe dosa? Sabab teu inget kana maot sabab urang teh ngarasa hirup teh lila keneh,,, ahhhh da kamimah ngora keneh lila keneh hirupna ge, ayeunamah senang – senang we heula keu deui ibadahmah. Teu kitu konsepna.... da ari ngaran umurmah saha nu apal, loba ayeuna jalma budak keneh geus maot bahkan nu masih orok keneh g maot. Eta teh nandakeun bahwa urang teh sing inget, maotmah teu mandang umur bisa iraha wae, ayeuna kumha lamun urang maot heg ker kaayaan maksiat,,, naudzubillahimin dalik....

Bahkan kanjeng rosulmah aneheun ka jalma-jalma nu ngudag kana dunia sedengkeun maot teh ngungudag ka manehna.

Jadi sing inget urang hirup dialam dunia teh sementara, pinuhan sisa umur urang ku amal soleh.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3) PERKANTORAN

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3)PERKANTORAN   A.     Keselamatan dan Kesehatann Kerja (K3) Keselamatan dan keseha...