كتاب الطهارةباب المياه
Bahwa
masalah cai termasuk kana salah satu alat pikeun kana tujuan dina masalah
sangkut paut kana solat di kelompokkeun kana qoidah. Garis besar اناللوسائل حكم
الغاصل atawa او من باب لا يعمل اهوا لواجب.
- Dijadikeun
dalil itifaq ulama fiqih bahwa masalah cai sagara baik nu tawar maupun nu
asin hukum suci sarta dihukuman halal bangke-bangke na sanajan cai laut
anu asin karena asinna lain arid tapi dati (bawaan). اعلم bi huroiroh
adalah seorang tokoh sohabat ngaran aslina abdurrohman bin sohor masuk
islam ditahun ka 7 H. ngariwayatkeun hadis sekitar 5754 hadis soheh.
قوله : وعن ابي سعيد الخدري
:
Abi sai'id adalah salah seorang
sahabat rosul ngariwayatkeun hadisna sekitar 1100 hadis soheh. wafatna tahun 74
H. makamna di makom bake madinah.
- Dijadikeun
dalil itfaq ulama fikih masalah cai anu bener bener suci nyaeta cai nu teu
kakeunaan najis menurut madhab syafe'i maksudna cai ieu bener-bener teu
robah. intaha.
- Bahwa
cai nu di hukuman tohit mutohir kecuali lamun barobah bauna cai, rasana
cai,warnana cai, robahna ku perkara najis. eta cai teu bisa dihukuman
tohir mutohir kecuali lamun robahna ku barang suci eta khilafah (kaol
ulama) antara mukholit jeung mujawir.
قوله : على ريحه او طعمه
اولونه: Masalah bau kabagi kana 2:
1) Rih 'arid
2) Rih Dati
Lamun rihun
dati semacan bau cai hujan sabab gandeng lila bauna cai ngocor ti gunung sahingga
bau na mirip jiga warilang. Lamun rihun 'aridi bau anu anyar-anyaran tina kadatangan
suatu benda.
قوله :
والبيهقي
Bahwa hadis ieu اخص الماءلاينعس شيئ
secara mashurna termasuk kana hadis حسن لغيره anu akhirna jadi dalil
kalawan itifaq ulama nahwa cai lamun bae berubah dina segi bauna, rasa,warna
na. lamun rubah ku mutanajis anu anyar datangna ieu hukumna (cai mutanajis)
lamun robahna lain ku najis termasuk kana 2 bagian nyaeta:
1) Cai Mukholit : cai anu teu sah
dipake susuci
2) Cai anu mujawis : nu sah dipake
susuci
- Dijadikeun
dalil ku ulama ahli fikih khusus imam syafi'i masalah ukuran cai 2 kulah
cai nu dihukuman loba nyaeta cai anu mencapai 2 kulah (500 kati bangsa
irak/ 60 cm panjang, lebar jeung jero). lamun kakeunaan najis ieu cai teu
ngajadikeun mutanajis dengan syarat ulah robah dina 3 perkara (rasa,
rupa, ambeu) sabab menurut ahli usul fikih ieu hadis termasuk hadis mutlak
sedengkeun hadis mukoyadna anu tadi riwayat ibnu majah. cek
patokan ahli wusul wal muqoyad ila ahli
Catatan:
sayid abdulloh bin umar adalah putra
sayidina umar bin khotob masuk islamna nuju alit keneh hijrah beserta ramana ka
negri madinah ngariwayatkeun hadis sekitar 1630 hadis soheh. wafatna dimekah
di kubur di ma'la deket kampung hurmus.
- dijadikeundalil
ku ulama fikih khusus imam syafi'i bahwa masalah ki'ih dina cai nu teu
ngocor sanajan henteu ngarobahkeun kana fungsi cai ieu hukumna haram.
haram oge lamun caina teu nyagara beda deui mun disitu. lamun
lewih ti 2 kulah dihukuman meunang tapi henteu barobah rupa, rasa, ambeu.
lamun kurang 2 kulah hukumna musta'mal.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar