نعم الله سبحانهوتعالى
Ni'mat ALLAH SWT
- 1. Hei budak istri nu mulia : yakin anjeun moal aya di ieu dunia, maka ngadamel pangeran ka anjeun, ngaluskeun kana rupa, kalawan masihan alloh kana :
- 2 soca, anu tiasa ningali kana pirang-pirang perkara
- 2 cepil, anu ngadangu kana pirang-pirang sora
- Letah, anu tiasa nyarios ku eta letah
- 2 panangan, anu tiasa midamel kana padamelan
- 2 sampean, anu tiasa leumpang kana kamanfaatan ngajauhan kanu matak ngamadaratkeun.
:قال الله تعالى
اخرجكم من بطون امحاتكم لاتعلمون شيئا وجعل لكم السمع والابصاروالافئدةلعلكم تشكرون
"Sareng ari Alloh eta anu ngaluarkeun ti ibu maraneh kabeh henteu nyaho anjeun kana hiji perkara, sareng ngajadikeun Alloh kana pang dangu sareng paningali sareng kana hate maraneh kabeh, sareng bukti kudu syukuran maraneh kabeh.
- 2. Alloh henteu ngjadikeun ka anjeun kana saperti hayawan anu teu boga akal, tapi Alloh midamel ka anjeun anu boga akal : anu bisa ngabedakeun antara alus jeung goreng sareng antara kaalusan sareng kagkagorenga.
Sareng ari Alloh swt eta anu parantos nyimpen kana welas sareng kadeudeuh dina hate ibu rama anjeun, sahingga ngurus ibu rama ka anjeun kalawan ngurus anu sae.
Ari Alloh swt eta anu masihan kana sakur-sakur ni'mat, seperti :
- Ni'mat sehat wal'afiyat/ kawarasan
- Ni'mat tuang sareng eueut
- Ni'mat sare sareng senang. Jsb.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar