ماذايجب عليك لربك ؟
- Nyaeta terang anjeun kumaha alloh masihan ni'mat ka anjeun ku ni'mat nu ageung, bari lewih loba. Maka kudu ibadah anjeun sareng ngagungkeun ka alloh swt, sareng migawe kana sakur nu di parentah ku alloh swt. Kudu ningalkeun kana sakur nu di larang ku alloh. Kudu lewih mika cinta anjeun ka alloh tibatan ka ibu ramana sareng tibatan mika cinta ka dirina, nyuprih kana sakabeh pamenta nu alus ka alloh swt. Ngado'a ka alloh kalawan salawasna supaya nuduhkeun kana jalan nu leres sareng kasalametan, sareng muga ngajadikeun alloh swt kana jadi istri anu alus, anu bagja dunia akherat.
- Dimana-mana syukuran ka alloh swt sareng turut kana parentahna maka alloh swt bakal mika cinta ka anjeun. Teras alloh swt bakal ngaraksa tina balai jeung pilara, sareng masihan kana sakabeh nu di maksud, sareng nambahan kana ni'mat. :
"Yakin lamun syukuran maraneh kabeh maka alloh bakal nambahan ni'mat ka maraneh kabeh"
Lamun anjeun syukuran maka bakal hirup di dunia jeung di akherat bari bagja tur bungah.
3. Misti deui ka anjeun: mika cinta ka sakabeh malaikat, para rosul, para nabi, sareng hamba alloh swt anu soleh, karena alloh swt mika cinta kanu kabeh.
Judul 7 : (Klik)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar