Minggu, 26 Juni 2022

AKHLAQUL BANAT Juz 1 Judul ke 7

البنت الصالحة

   Khodijah istri anu solehah, khodijah mika cinta ka ibu ramana sareng ka guruna. Sareng ngamuliakeun ka sakabeh babaturanna sareng ka sakur-sakur istri anu ngarep-ngarep akhlakna saperti khodijah.

Ari kabiasaan khodijah :

1. Dina nalika bade bobo

     Eta sok eling ka alloh, teras sok syukuran ka alloh swt. Kana ngaraksa tina balai sareng pilara. Sareng sok nyarios khodijah :

 باسمك اللهم احياواموت

 "Kalawan nyebat jenengan alloh anu ngahiruppan tur anu ngamaotan"

     Teras dimana gugah tina kulem khodijah sok eling ka alloh swt. Teras syukuran kana ni'matna kulrm teras ngucap :

 الحمدلله الذي احيانابعدمااماتناواليه النشور

 "Sadaya puji eta tetep pikeun alloh anu ngahirupan sba'da ngamaotan, sareng ka alloh tempat pangbalikan."

2. Dimana tuang eta sok ngucap dina mimiti kana lafad:

 بسم الله الرحمن الرحيم

 Sareng dimana tamat tuang eta sok syukuran ka alloh kana ni'mat tuang. Kana saestuna khodijah terang bahwa alloh anu ngayakeun kana tuang anu matak jadi kakuatan. Teras ngucap:

  الحمدلله الذي اطعمنى هذاالطعام ورزقنيه من غيرحول منى ولاقوة

 "Sadyana puji eta ttp pikeun alloh swt anu masihan tuang ku ieu tuangeun sareng anu ngarizkian, tina t aya daya sareng ka kuatan".

   Sareng kabuktosan khodijah tara hilap : solat 5 waktu bari berjamaah dina waktuna, sareng sok maca qur'an, sareng sok sieun dimana migawe pagawean anu awon sok sanajan keur sorangan atawa dipayuneun batur. Karana saestuna terang khodijah akana yen saestuna alloh eta ningali dina saban - saban tempat.

  Alloh t mang-mang tina ngaridhoan khodijah, jeung bakal asup khodijah ka surga karena khodijah istri anu sholehah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3) PERKANTORAN

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3)PERKANTORAN   A.     Keselamatan dan Kesehatann Kerja (K3) Keselamatan dan keseha...