Selasa, 26 Juli 2022

AKHLAQUL BANAT juz 1 judul ke 9

 نبدةمن اخلاقه ونصائحه

"Ari ieu sabagian tina akhlak sareng nasehat nabi Muhammad saw"

1). Bukti nabi Muhammad saw eta pang saena akhlakna : bukti nabi eta anu diraksa, anu kona'at, Ridho kana sakur nu aya sandingan, tara nyuhunkeun tina salasa hijina perkara, tara manjangkeun kana paningali kajaba anu aya

ويقول : القناعةمال لاينفد،  وكنز لايفنى

"Ari kona'at eta harta nu moal beak,  sareng gudang nu moal ruksak".

وفى الحديث الاخر : لاتسال الناس شيئا

"Ulah menta anu sejen ka jalma tina hiji perkara".

2). Sareng bukti nabi eta nu gede hampura. Tara ambekan,  tara nyarekan

ويقول : الغضب يفسد الايمان،  كمايفسد الخل العسل

"Ari ambek eta ngaruksak kana iman,  seperti cuka anu ngaruksak kana madu".

Nabi Muhammad saw sabar tina balai sareng pilara,  sareng nabi sok ngahampura ka jalma nu sok gawe salah sareng sok ngado'a kalawan anu sae. 

ويقول  : العفو لايزيد العبد الا عزا،  فاعفوايعزكم الله

"Ari ngahampura eta teu nambah ka hiji jalma kajaba kamuliaan,  maka kudu ngahampura maka tah ngamuliakeun alloh".

Nabi sok tawado kanu alit tawa kanu ageung,  sareng dimana aya hiji jalma ngageroan ka nabi maka ngajawab nabi. 

 (Kadieu ) بقول : لبيك 

وفى الحديث : التواضع لايزيد العبد الارفعة،  وتواضعوايرحمكم الله

"Ari tawado teu nambahan ka hiji jalma kajaba kana kaluhuran,  kudu tawado anjeun maka alloh bakal mika nyaah ka anjeun. 

3). Sareng bukti nabi eta anu bener tur kapercaya,  sareng nyegah nabi tina ngabohong sareng khianat sareng nyulayaan janji, 

ويقول : اية المنافق ثلاث : اذاحدث كذب،  واذاوعداخلف،  واذااؤتمن خان

Ari ciri jalma munafik aya 3:

1. Dimana nyarios sok bohong

2. Dimana janji sok ingkar

3. Dimana diamanatkan sok khianat


Ari kanjeng nabi eta pang poharana tegesna nyaahan:

1. Nabi tara milaraan ka manusia jeung ka hewan

2. Nabi sok mika asih ka jalmi pakir sareng miskin

3. Nabi sok sodaqoh ka fakir miskin

4. Dimana nabi ngajak ka pakir miskin sok di cumponan

5. Nabi sok tuang sarta pakir miskin

6. Nabi sok ngalongok dimana faqir miskin aya nu teu damang

7. Nabi tara nolak dimana aya nu ukeun ka nabi tina hiji perkara. Sareng dimana teu bukti caketen nabi.  Sareng ngajanjikeun nabi bakal masihan dina waktu akhir. 

ويقول : الراحمون يرحمهم الرحمن

"Ari anu mikanyaah eta bakal di pikanyaah ku alloh

4). Sareng nabi sok nyaahan ka pembantu.  Nabi 

- tra nyarekan sama sakali

-dimana nabi marentah ka pembantu sok bari nyebut "punten" sareng nabi ngahampura ka pembantu dimana-mana salah. 

-nyaahan ka budak

-dimna asup waktu solat,  sarengadangu budak anu nangis : tah sok ngagancangkeun kana solat,  

Dina hiji poe sumping sayidina hasan ra (bari sayidina hasan teh alit)  sareng ari nabi eta nuju solat. Tului naek hasan kana tonggong nabi dina nalika nabi sujud,  tului ngendorkeun nabi dina nalika sujudna karena karunya ka itu budak sehingga lungsur itu budak ti nabi. 

وفى الحديث : ليس منا من لم يرحم صغيرنا.  ويوقر كبيرنا

"Lain ti umat kaula,  saha jalma anu teu nyaah ka sahandapeun sareng teu hormat ka saluhureun".

Rabu, 13 Juli 2022

AKHLAQUL BANAT || Juz 1 Judul ke 8

٨. ماذايجب عليك لنبيك؟ 

1. Kudu terang kana saestuna anjeunwajib ngagungkeun      ka pangeran anjeun ( الله سبحانه وتعالى)  sareng ka nabi        anjeun (محمد صلى الله عليه وسلم), sareng minuhan hate        anjeun kana mika cintana ka nabi,  sehingga cintana        anjeun ka nabi lewih loba tinimang mikacintana ka ibu      rama sareng ka diri sorangan. 
          Karena saestuna nabi tod masihan terang kana            agama islam,  sarengku sabab aya nabi anjeun terang      ka pangeran.  Sarta tiasa misahkeun/ ngabedakeun          antara halal jeung haram. 

وفى الحديث : لايؤمن احدكم حتى اكون احب اليه من ولده ووالده        والناس اجمعين

        " Henteu iman salasa hiji anu kabeh sehingga bukti         mika Cinta anjeun ka nabi ngelehkeun mika cintana           budakna,  ka ibu ramana,  sareng ka sakabeh jalma".

2. Ari mika Cinta ka Alloh swt.  Nyaeta:
    1). Mika Cinta ka nabi sareng nuturkeun ka nabi

          قال تعالى : قل ان كنتم تحبون الله فاتبعونى يحببكم الله 

                 " ucapkeun ku anjeun!  Lamun bukti anjeun                  Cinta ka Alloh swt.  Maka kudu nuturkeun anjeun              ka kami maka Alloh swt. Bakal mika Cinta ka                      anjeun". 
     2). Kudu terang kana pirang-pirang nasehat nabi.  Ari               nasehat nabi eta teh berharga,  nyaeta:
           a. Nasehat nabi nuduhkeun supaya nuturkeun                          kana ka alusan. 
            b. Ngajauhan kagorengan
            c. Nepikeun nasehat kana kabagjaan
            d. Nuturkeun akhlak nabi
       Ari sakabeh akhlak nabi eta alus.  Sareng nyaeta alloh swt.  Muji ka nabi. 

   بقوله تعالى : وانك لعلى خلق عظيم  

"Sareng saestuna anjeun Muhammad saw eta yakin gaduh akhlak nu sae. ".
     ادبنى ربى فاحسن تاديبى
"Parantos ngadidik pangeran,  maka kudu ngaluskeun kana ngadidik kuring".
   
            

Senin, 11 Juli 2022

TIZAN || Muqodimah III

Wajib sadayan jalma mukalap (jalma baleg tur boga akal) ngama'rifatkeun/ nganyahokeun kana sadaya perkara anu wajib, mustahil jeung nu jaiz di Alloh sareng di rosul.
 Ari wajib aya 3:
1. Wajib syar'i
2. Wajib akli
3. Wajib 'adi

Patokan wajib syar'i :
   مايثاب على فعله ويعاقب على تركه
  Hartosna : Perkara anu bakal di ganjar ku migawena sareng bakal di siksa ku ninggalkeunnana conto saperti solat, puasa dibulan romadhon, zakat saterusna.

Patokan wajib akli :
 مايتصورفى العقل وجوده ولا يتصور فى العقل عدمه
 Hartosna : Perkara anu kaharti ku akal ayana sareng teu kaharti ku eweuhna. Conto saperti ayana gusti Alloh.

Ari ngaran patokan wajib adi :
Patepungna sabab jeung musabab
Contona tepungna seneu kana suluh, terakna bedog kana kulit jeung nu sejen na.

Ari akal aya 2:
1. Akal tobi'i nyaeta : akal anu henteu bisa manggihkeun kana ayana gusti Alloh (akal anu ayana di sato)
2. Akal goriji nyaeta : akal anu bisa bisa manggihkeun kana ayana gusti Alloh (akal anu ayana di manusa)

Ari anu kedah pang payunna dima'rifatkeun nyaeta kudu ma'rifat ka gusti Alloh. Saur nadoman:
 اولواجب على الانسان # معرفةالهى باستقان
 Anu wajib pangheulana kamanusa # Ma'rifat ka alloh jeung dalilna bisa.

 ادراك جازم بحيث لا يقع معه ترددموافق للواقع ناشئ عن دليل
 Pamanggih anu jazim nu teu keuna oah gingsir anu akur jeung buktina nu timbul tina alesan.

 عقده الوهيه

  Ari sifat anu wajib di Alloh anu 20 kabagi 4:
1. Sifat Nafsiah hartosna sifat anu bangsa dzat
Eusina 1 nyaeta sifat wujud
2. Sifat salabiah nyaeta sifat anu bangsa nyabut
Eusina 5 nyaeta qidam, baqo, mukholafatullilhawadisi, qiamuhu binafsihi, wahdaniat
3. Sifat ma'ani nyaeta sifat anu bangsa aya
Eusina aya 7 nyaeta qudrot, irodat, ilmu, hayat, sama, basor,kalam.
4. Sifat ma'nawiyah nyaeta sifat anu nguatan kana sifat ma'ani
Eusina aya 7 nyaeta qodiron, muridan, aliman, hayan, samian, basiron, mutakaliman.


BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3) PERKANTORAN

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3)PERKANTORAN   A.     Keselamatan dan Kesehatann Kerja (K3) Keselamatan dan keseha...