Wajib sadayan jalma mukalap (jalma baleg tur boga akal) ngama'rifatkeun/ nganyahokeun kana sadaya perkara anu wajib, mustahil jeung nu jaiz di Alloh sareng di rosul.
Ari wajib aya 3:
1. Wajib syar'i
2. Wajib akli
3. Wajib 'adi
Patokan wajib syar'i :
مايثاب على فعله ويعاقب على تركه
Hartosna : Perkara anu bakal di ganjar ku migawena sareng bakal di siksa ku ninggalkeunnana conto saperti solat, puasa dibulan romadhon, zakat saterusna.
Patokan wajib akli :
مايتصورفى العقل وجوده ولا يتصور فى العقل عدمه
Hartosna : Perkara anu kaharti ku akal ayana sareng teu kaharti ku eweuhna. Conto saperti ayana gusti Alloh.
Ari ngaran patokan wajib adi :
Patepungna sabab jeung musabab
Contona tepungna seneu kana suluh, terakna bedog kana kulit jeung nu sejen na.
Ari akal aya 2:
1. Akal tobi'i nyaeta : akal anu henteu bisa manggihkeun kana ayana gusti Alloh (akal anu ayana di sato)
2. Akal goriji nyaeta : akal anu bisa bisa manggihkeun kana ayana gusti Alloh (akal anu ayana di manusa)
Ari anu kedah pang payunna dima'rifatkeun nyaeta kudu ma'rifat ka gusti Alloh. Saur nadoman:
اولواجب على الانسان # معرفةالهى باستقان
Anu wajib pangheulana kamanusa # Ma'rifat ka alloh jeung dalilna bisa.
ادراك جازم بحيث لا يقع معه ترددموافق للواقع ناشئ عن دليل
Pamanggih anu jazim nu teu keuna oah gingsir anu akur jeung buktina nu timbul tina alesan.
عقده الوهيه
Ari sifat anu wajib di Alloh anu 20 kabagi 4:
1. Sifat Nafsiah hartosna sifat anu bangsa dzat
Eusina 1 nyaeta sifat wujud
2. Sifat salabiah nyaeta sifat anu bangsa nyabut
Eusina 5 nyaeta qidam, baqo, mukholafatullilhawadisi, qiamuhu binafsihi, wahdaniat
3. Sifat ma'ani nyaeta sifat anu bangsa aya
Eusina aya 7 nyaeta qudrot, irodat, ilmu, hayat, sama, basor,kalam.
4. Sifat ma'nawiyah nyaeta sifat anu nguatan kana sifat ma'ani
Eusina aya 7 nyaeta qodiron, muridan, aliman, hayan, samian, basiron, mutakaliman.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar