٨. ماذايجب عليك لنبيك؟
1. Kudu terang kana saestuna anjeunwajib ngagungkeun ka pangeran anjeun ( الله سبحانه وتعالى) sareng ka nabi anjeun (محمد صلى الله عليه وسلم), sareng minuhan hate anjeun kana mika cintana ka nabi, sehingga cintana anjeun ka nabi lewih loba tinimang mikacintana ka ibu rama sareng ka diri sorangan.
Karena saestuna nabi tod masihan terang kana agama islam, sarengku sabab aya nabi anjeun terang ka pangeran. Sarta tiasa misahkeun/ ngabedakeun antara halal jeung haram.
وفى الحديث : لايؤمن احدكم حتى اكون احب اليه من ولده ووالده والناس اجمعين
" Henteu iman salasa hiji anu kabeh sehingga bukti mika Cinta anjeun ka nabi ngelehkeun mika cintana budakna, ka ibu ramana, sareng ka sakabeh jalma".
2. Ari mika Cinta ka Alloh swt. Nyaeta:
1). Mika Cinta ka nabi sareng nuturkeun ka nabi
قال تعالى : قل ان كنتم تحبون الله فاتبعونى يحببكم الله
" ucapkeun ku anjeun! Lamun bukti anjeun Cinta ka Alloh swt. Maka kudu nuturkeun anjeun ka kami maka Alloh swt. Bakal mika Cinta ka anjeun".
2). Kudu terang kana pirang-pirang nasehat nabi. Ari nasehat nabi eta teh berharga, nyaeta:
a. Nasehat nabi nuduhkeun supaya nuturkeun kana ka alusan.
b. Ngajauhan kagorengan
c. Nepikeun nasehat kana kabagjaan
d. Nuturkeun akhlak nabi
Ari sakabeh akhlak nabi eta alus. Sareng nyaeta alloh swt. Muji ka nabi.
بقوله تعالى : وانك لعلى خلق عظيم
"Sareng saestuna anjeun Muhammad saw eta yakin gaduh akhlak nu sae. ".
ادبنى ربى فاحسن تاديبى
"Parantos ngadidik pangeran, maka kudu ngaluskeun kana ngadidik kuring".
Tidak ada komentar:
Posting Komentar