Rabu, 31 Agustus 2022

SAFINAH || Ma'na Laailaha illallah

 قوله : معنى لااله الاالله

MA'NA LAAILAAHA ILLALLAH

    Ari ma'na Lailaha illallah nyaeta : teu aya deui pangeran anu maojud anu wajib di ibadahan anu hak di ta'ati parentah sareng larangan nana anging gusti Alloh. 

Dawuhan kanjeng Nabi Muhammad saw :

من قال لااله الاالله ثلاث مرات فى يومه كانت له كفارة لكل ذنب اصابه فى ذالكاليوم

Hartosna :"saha jalma anu maca     لااله الاالله    tilu balikan dina satiap sapoe sapeting maka bakal jadi kiparat kana sadaya dosa anu kena Dina eta poe"

Ari ma'na na lafad لااله الاالله Aya 7 harti :

1. Teu aya deui pangeran anu bukti anging alloh

2. Hiji dat alloh teu aya rangkepan nana

3. Teu aya anu ngagaduhan sifat kapangeranan salianti alloh

4. Hiji sipat alloh teu aya rangkepan nana. 

5. Diluar alloh teu aya nu kagungan tapak damel

6. Teu aya dzat anu wajib di sembah anu hak di ibadahan salian alloh

7. Teuaya anu di suprih teu aya anu hak di gugu parentah sareng larangan nana anging gusti alloh swt. 

قوله : فصل علامات البلوغ

CIRINA BALEG

Ari cirina baleg eta aya 3:

1. Sampurna umur 15 tahun (dilalaki/di awewe) 

2. Ngimpi jiwa karena umur 9 tahun (dilalaki/diawewe) 

3. Hed di awewe hungkul karena umur 9 tahun

    Ngitung taunan baleg nyaeta tina tahun hijriah/ tahun komariah. 

Cirina baleg anu 3 kabagi 2 :

1. Ciri baleg kangho lalaki aya 2 nyaeta : no 1 sareng 2

2. Ciri baleg kanggo istri aya 3nyaeta : no 1, 2 sareng 3

TIZAN || Wahdaniat

الوحدانية

SIFAT WAHDANIYAT

   Wajib aqli Alloh kasifatan ku sifat wahdaniat hartosna sahiji Alloh. 

   Ari ma'na salabiahna sifat wahdaniat nyaeta henteu bingbilangan. Jadi sahiji alloh henteu bingbilangan. 

     Ari lalawanan sifat wahdaniat nyaeta sifat ta'adud hartosna bingbilangan alloh.

Ari sifat wahdaniat kabagi 3:

1. Wahdaniat piddat hartosna sahiji alloh dina datna

2. wahdaniat pissifat hartosna sahiji alloh dina pirang-pirang sifatna

3. Wahdaniat pilaf'al hartosna sahiji alloh Dina padamelannana

    Tina wahdaniat piddat kabagi 2 :

1. Wahdaniat piddat kamuttasil hartosna nyaeta hiji dat alloh sanes gabungan tina juz anu bingbilangan conto cangkir. 

2. Wahdaniat piddat kammunfasil hatrisna nyaeta hijina dat alloh sanes sabagian tinu lobaan (sanes bagian tinu sejen) 

Ari dalil aqlina nyaeta:

انه لوكان متعدد لم يوجد شيء من هذه المخلوقة

Hartosna : Lamun bukti alloh eta anu bingbilangan tangtu moal aya ieu alam. 

Ari dalil Naqlina nyaeta:

قل هو الله احد

Hartosna : wartoskn ku anjeun ari alloh eta nu sahiji. 

Tina wahdaniat pissifat kabagi 2 :

1. Wahdaniat pissifat kamuttasil hartosna hiji sifat alloh te aya rangkepan nana

2. wahdaniat pissifat kammunfasil hartosna diluar alloh t ays nu kagungan sifat kapangeranan. 

Tina wahdaniat fil af'almah teu aya kamuttasil jadi mung wahdaniat fil af'al kammunfasil. 

Wahdaniat fil af'al kammunfasil hartosna diluar alloh teu aya anu kagungan tapak damel. 

Rabu, 24 Agustus 2022

SAFINATUN NAJA || Rukun iman

 RUKUN IMAN

قوله : اركان الايمان

Ngaran iman:

1. Cek lugot : kadar-kadar percaya 

2. Cek istilah :

اقرار باللسان وتصديق بالجنان وافعل بالاركان

Hartosna : Di ucapkeun kulisan di benerkeun ku hate di pidamel ku anggahota badan


Ari sadayana rukun iman eta aya 6:

1). Iman kana ayana alloh swt. 

2). Iman kana ayana malaikat alloh

       Ari ngaran malaikat nyaeta jisim anu bangsa cahaya anu lemes lain lalaki, lain awewe, lain wandu, teu bapaan, teu ibuan jeung teu putraan, tru tuang, teu eueut, teu nikah, tarakulem, jeung sajabana. Anu bener dina sadaya amalna (teu pernah midamel dosa). 

       Ari sadaya jumlah malaikat teu aya nu ungaeun kajaba alloh swt. 

Ari jumlahnya malaikat anu wajib di kanyahokeun sadayana aya 10:

1. Malaikat jibril tugasna nurunkeun wahyu

2. Malaikat mikail tugasna nurunkeun hujan (ngabagi Rizki) 

3. Malaikat israfil tugasna niup sangka kala Dina poe kiamat

4. Malaikat izroil tugasna nyabut nyawa

5. Malaikat munkar tugasna mariksa di jero kubur

6. Malaikat nakir tugasna mariksa di jero kubur

7. Malaikat rokib tugasna nuliskeun amal sae

8. Malaikat atid tugasna nuliskeun amal awon

9. Malaikat malik tugasna ngajaga panto naraka

10. Malaikat Ridwan tugasna ngajaga panto surga


3). Iman kana kitab-kitab alloh

      Ari sadayana kitab alloh anu wajib terang kana sadaya jumlahnya eta aya 104 kitab. 

      Ari anu wajib terang kana hiji hijina kitab eta aya 4:

1. Taurat turunna ka nabi musa a.s

2. Injil turun na ka nabi isa a.s

3. Zabur turun na ka nabi Daud a.s

4. Al-quran turun na ka Muhammad saw

4). Iman ka para Rosul alloh swt. 

       Ari para nabi anu wajib di kanyahokeun kalawan gemlengan nana eta aya 124.000.

       Ari para rosul anu wajib di kanyahokeun kalawan gemlengan nana eta aya 313/315.

      Ari para rosul/nabi anu wajib di kanyahokeun kalawan wincikan nana eta aya 25:

1. Adam

2. Idris

3. Nuh

4. Hud

5. Soleh

6. Ibrohim

7. Luth

8. Ismail

9. Ishak

10. Yakub

11. Yusuf

12. Ayub

13. Syueb

14. Musa

15. Harun

16. Dzulkifli

17. Daud

18. Sulaiman

19. Ilyas

20. Ilyasa

21. Yunus

22. Zakaria

23. Yahya

24. Isa

25. Nabi Muhammad saw. 

Ngaran nabi nyaeta jalmi anu di pasihan Wahyu ku alloh kanggo anjeun na teu wajib di dugikeun ka umatna. 

Ngaran rosul nyaeta jalmi anu di pasihan Wahyu ku alloh kanggo anjeun na bari wajib di sampaikeun ka umat na. 

5). Iman kana poe akhir

6). Iman kana qodo sareng qodarna alloh

      Ngaran qodo nyaeta katangtuan ti alloh memeh makhluk aya di alam dunia. 

      Ngaran qodar nyaeta katangtuan alloh dimana-mana makhluk tos aya di alam dunia. 

Qodo sareng qodarna alloh nu sae sareng nu awon wajib di imani sabab eta ti gusti alloh. 

TIZAN || Qiamuhu binafsihi

القيام بالنفس

QIAMUHU BINAFSIHI

Hartosna jumeneng alloh kalawan dat na.  Ari ma'na salabiahna sifat qiamuhu binafsihi nyaeta henteu butuh kana tempat sareng henteu butuh ka nu nangtukeun. 

Jadi jumeneng alloh kalawan datna teu mikabutuh kana tempat sareng teu mikabutuh kamu nangtukeun. 

Ari lalawanan sifat qiamuhu binafsihi nyaeta sifat ihtiaj hartosna mikabutuh alloh kana tempat sareng ka nu nagtukeun. 

Ari dalil aqlina nyaeta :

انه لواحتاج الى محال لكان صفة وكونه صفة محال ولواحتاج الى مخصص لكان حادثا وكونه حادثا وهو محال

Hartosna : saestuna alloh lamun alloh mikabutuh Kana tempat maka pasti alloh teh sifat sedengken lamun alloh sifat eta mustahil,  sareng lamun alloh mikabutuh kanu nangtukeun maka pasti alloh teh anyar sedengkeun lamun alloh anyar eta teh mustahil.

Ari dalil naqlina nyaeta:

ان الله لغني عن العالمين

Hartosna : Saestuna alloh eta yakin anu sugih tina sadayana alam. 

Rabu, 17 Agustus 2022

TIZAN || Baqo & Mukholafatullilhawadisi


Sifat Baqo
البقاء

Wajib aqli Alloh kasifatan ku sifat baqo hartosna langgeng Alloh. 
Ari ma'na salabiahna sifat baqo nyaeta teu aya tung-tungna.  Jadi langgeng alloh t aya tung-tungna. 
Ari lalawanan sifat baqo nyaeta sifat fana hartosna ruksak alloh. 
Ari baqo kabagi 3:
1. Baqo nisbi
Nyaeta langgengna hiji perkara dibandingkeun srg anu sejen na.  Conto : seperti batu lewih kuat tinimbang kai
2. Baqo zamani
Nyaeta langgengna hiji perkara pedah kakurung ku zaman.  Conto : langgengna surga
3. Baqo hakeki 
Nyaeta langgeng anu sabenerna lain pedah di bandingkeun sareng anu sejen na sareng henteu kakurung ku zaman.  Seperti langgengna gusti Alloh. 
Ari dalil aqlina nyaeta : 
انه لوكان فانيا لكان حادثا وهو محال
Hartosna : saestuna alloh lamun alloh ruksak makan pasti alloh teh anyar sedengkeun eta mustahil. 

Ari dalil naqlina :
ويبقى وجه ربك ذالجلال والاكرام
Hartosna: sareng tumetep moal aya tung-tungna dat pangeran anjeun anu kagungan kaagungan jeung kamuliaan. 

المخالفة للحوادث
Sifat mukholafatullilhawadisi

Wajib aqli alloh kasifatan ku sifat mukholafatullilhawadisi hartosna bed alloh jeung sakabeh anu anyar.  Ari ma'na salabiahna sifat mukholafatullilhawadisi  nyaeta teu aya sarupana.  Jafi beda alloh jeung sakabe anu anyar t aya sarupana. 
Ari lalawanan sifat mukholafatullilhawadisi  nyaeta mumasalatullilhawadisi hartosna sarupa alloh jeung sakabeh anu anyar. 
Ari dalil aqlina nyaeta:

انه لوكان مماثلا للحوادث لكان حادثاوهو محال
Hartosna : saestuna alloh lamun bukti alloh sarupa jeung nu anyar maka pasti alloh teh anyar sedengkn eta mustahil. 
Ari dalil naqlina nyaeta:
ليس كمثله شيئ
Hartosna : henteu aya 1 perkara oge anu seperti alloh 

SAFINATUNNAJA || Rukun Islam

RUKUN ISLAM
قوله : اركان الاسلام


Ngaran rukun : ماوجب وستمرمنها  ( perkara anu wajib sareng tumetep dina eta perkara )

Ari sadayana rukun islam eta aya 5:
1). Maca dua kalimah syahadat
اشهد ان لااله الاالله  واشهد ان محمدا رسول الله
Hartosna : "nyaksikeun Abdi kana yen teu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan anging gusti alloh swt.  Sareng nyaksikeun Abdi kana saestuna nabi Muhammad saw eta utusan alloh" .
Ari syahadat eta aya 2:
1. شر عان
Ari syahadat شرعان Nyaeta anu ngucapkeun 2 kalimah syahadat kadar ngucapkeun hungkul diaku jadi muslimna,  halal peupeuncitan nana jeung halal nampa warisna.
2.منجين
Ngaran syahadat منجين  Nyaeta jalma anu ngucapkeun syahadatna bari barengan patekadan (معرفة + تصديق.)
2). Ngadegkeun sholat 5 waktu
الصلاة عماد الدين
Hartosna : "sholat th tihangna agama".
3). Masihkeun zakat
Ari mustahik zakat eta aya 8 (anu sah narima zakat) 
1. Fakir
2. Miskin
3. Amil
4. Mualaf
5. Rikob
6. Gorim
7. Sabilillah
8. Ibnu sabil
4). Puasa dina bulan romadhon
Ayat al-qur'an parentah puasa Q. S Al-baqoroh : 183
ياايهاالذين امنوكتب عليكم الصيام كما كتب على الذين من قبلكم لعلكم تتقون

Hartosna : hei jalma-jalma nu ariman geus di wajibkeun kamaraneh kabeh puasa seperti di wajibkeunnana ka jalma-jalma samemeh maraneh kabeh supaya maraneh kabeh jadi jalma anu takwa. 
5). Munggah haji ka baitulloh ka jalma anu kaduga/ nu mampu aya bekelna. 

Selasa, 09 Agustus 2022

SAPINATUN NAJA || Penjelasan 1

PARAHU KASALAMETAN

Ari anu ngarang kitab sapinatun naja teh nyaeta syekh Muhammad Nawawi albantani. 
Penjelasan بسم الله الرحمن الرحيم
   Pangna musonip (pengarang kitab)  ngawitan ieu kitab سفبنةالنجا Ku maca بسم الله الرحمن الرحيم Sabab :
1. Turut kana Al-qur'an sareng alhadis
2. Aya dawuhan kanjeng Nabi Muhammad saw
كل امردى بال لايبدافيه ببسم الله الر حمن الرحيم فهو اقطع او اجدام او ابتر
Hartosna : sakur-sakur perkara anu sae dimana- mana t di mimitian ku maca bismillahirrohmanirrohim maka rta perkara kurang sampurna seperti hayawan anu potong salasa hiji anggota badan na tegesna kurang sampurna. 
3. Ngalap barokah ku nyebat jemengan Alloh. 
Jenengan Alloh dina bismillah aya 3:
- lafad الله
- lafad الرحمن
- lafad الرحيم

HUKUMNA MACA BISMILLAH

Aya 4 cek elmu fikih:
1. Hukumna wajib nyaeta maca bismillah dina fatihah
2. Sunah nyaeta maca bismillah dina waktu midamel padamelan anu sae.  Conto: bade ngaos bismillah,  bde mam bismillah jeung sajabina. 
3. Makruh nyaeta dina waktu midamel padelan nu makruk
4. Haram nyaeta maca bismillah di WC atawa dina nalik midamel padameln anu haram. Conto: rek maling bismillah

ARI PUJI SADAYANA AYA 4 :

1. قديم لقديم Puji alloh ka alloh . Conto : وهو العلي العظيم
Hartosna : sareng dari alloh eta nu maha luhur tur anu Agung. 
2. قديم لحديث Puji alloh ka makhluk.  Conto : وانك لعلى خلق عظيم
Hartosna : sareng saestuna nabi Muhammad eta anu ngagaduhan akhlak anu sae. 
3.حديث لقيديم Puji makhluk ka alloh.  Conto : ان الله سميع عليم
Hartosna  : saestuna alloh eta anu ngadangu tur anu ningali
4. حديث لحديث Puji makhluk ka makhluk.  Conto : nabi Muhammad masihan gelar assidiq ka Abu Bakar

ARI MA'NA SHOLAWAT 3: 

1. Man'na sholawat ti alloh namina rohmat
2. Ma'na sholawag ti malaikat namina istigfar
3. Ma'na sholawat ti mu'min namina Do'a

Sholawat sinarrng salam mugia tetep ka rosulullah saw.  Sareng ka kulawargina ka para sahabatna  oge ka tabi'in tabi'atna tegesna kasadayana. 
  Ngaran kulawargi kanjeng nabi ( ) turunan ti bani hasim sareng bani mutholib. 
Ngaran sahabat nyaeta jalmi anu sama dengan sareng nabi bari iman ka kanjeng nabi. 
Ngaran tabi'in nyaeta jalmi anu hanteu sasarengan sareng nabi tapi iman ka kanjeng nabi. 
Teu aya daya upaya pikeun nebihan ma'siat ka alloh,  te aya kakuata. Pikeun ngalaksanakan to'at ka alloh anging ku pitulung alloh anu maha luhur tur anu maha Agung. 

Selasa, 02 Agustus 2022

TIZAN || Sifat Wujud & Qidam

الوجود

Sifat wujud 
    hartosna aya alloh.  Ari lalawanan sifat wujud nyaeta sifat adam hartosna teu aya alloh. 
Ari wujud kabagi 3 :
1). Wujud idopi
Hartosna ayana 1 perkara pedah disarandekeun kanu sejen.  Conto : ayana bapak pedah aya anak. 
2). Wujud aridi 
Hartosna ayana 1 perkara kapiheulaan ku ewueh heula.  Conto : seperti ayana alam dunia
3. Wuud hakeki
Hartosna aya anu sabenerna.  Lain pedah di sarandekeun lain pedah eweuh heula nyaeta ayana gusti alloh. 
Ari dalil kabagi 2 :
1. Dalil aqli,  nyaeta : dalil/ ciri anu sumberna tina akal. 
2. Dalil naqli,  nyaeta : dalil anu sumberna tina al-qur'an + al-hadis. 
Ari dalil aqlina sifat wujud :
وجود هذه المخلوقات
Hartosna : ayana ieu sakabeh makhluk. 
Ari dalil Naqlina nyaeta:
قل من رب السموات والارض قل الله
Hartosna : Bejakeun ku anjeun Muhammad saha pangeran anu ngurus pirang-pirang langit jeung bumi?  Bejakeun ku anjeun eta alloh. 

القدم

Sifat qidam
    Wajib aqli alloh kasifatan ku sifat qidam hartosna heubeul alloh. Ari lalawanan sifat qidam nyaeta sifat khusus hartosna anyar alloh. 
Ari ma'na salabiahna sifat qidam nyaeta teu aya mimitina.  Jadi heubeulna alloh teu aya mimitina. 
Ari qidam eta aya 3:
1). Kidam idopi
Hartosna heubeulna 1 perkara disarandekeun kanu sejenna. 
Conto seperti heubeulna bapak tinimbang anak. 
2). Qidam zamani
Heubeulna 1 perkara ka kurung ku zaman/ pedah lila waktuna. 
Conto seperti hebeulna alam dunia
3). Qidam hakeki
Heubeulna anu sabenerna lain pedab di sarandekeun jeung henteu kakurung ku zaman.  Conto heubeulna gusti alloh. 
Dalil aqlina nyaeta :
انه لوكان حادثا لاحتاج الى محدث وهو محال
Hartosna : saestuna alloh lamun alloh anyar pasti mikabutuh kanu nganyarkeun sedengkeun eta mustahil. 

Dalil Naqlina nyaeta :
هوالاول والاخر والظاهر والباطن
Hartosna : ari alloh eta nu awal teu aya mimitina sareng nu akhir t aya tungtung na sareng anu dohir sareng anu batin. 

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3) PERKANTORAN

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3)PERKANTORAN   A.     Keselamatan dan Kesehatann Kerja (K3) Keselamatan dan keseha...