Minggu, 26 Juni 2022

AKHLAQUL BANAT Juz 1 Judul ke 7

البنت الصالحة

   Khodijah istri anu solehah, khodijah mika cinta ka ibu ramana sareng ka guruna. Sareng ngamuliakeun ka sakabeh babaturanna sareng ka sakur-sakur istri anu ngarep-ngarep akhlakna saperti khodijah.

Ari kabiasaan khodijah :

1. Dina nalika bade bobo

     Eta sok eling ka alloh, teras sok syukuran ka alloh swt. Kana ngaraksa tina balai sareng pilara. Sareng sok nyarios khodijah :

 باسمك اللهم احياواموت

 "Kalawan nyebat jenengan alloh anu ngahiruppan tur anu ngamaotan"

     Teras dimana gugah tina kulem khodijah sok eling ka alloh swt. Teras syukuran kana ni'matna kulrm teras ngucap :

 الحمدلله الذي احيانابعدمااماتناواليه النشور

 "Sadaya puji eta tetep pikeun alloh anu ngahirupan sba'da ngamaotan, sareng ka alloh tempat pangbalikan."

2. Dimana tuang eta sok ngucap dina mimiti kana lafad:

 بسم الله الرحمن الرحيم

 Sareng dimana tamat tuang eta sok syukuran ka alloh kana ni'mat tuang. Kana saestuna khodijah terang bahwa alloh anu ngayakeun kana tuang anu matak jadi kakuatan. Teras ngucap:

  الحمدلله الذي اطعمنى هذاالطعام ورزقنيه من غيرحول منى ولاقوة

 "Sadyana puji eta ttp pikeun alloh swt anu masihan tuang ku ieu tuangeun sareng anu ngarizkian, tina t aya daya sareng ka kuatan".

   Sareng kabuktosan khodijah tara hilap : solat 5 waktu bari berjamaah dina waktuna, sareng sok maca qur'an, sareng sok sieun dimana migawe pagawean anu awon sok sanajan keur sorangan atawa dipayuneun batur. Karana saestuna terang khodijah akana yen saestuna alloh eta ningali dina saban - saban tempat.

  Alloh t mang-mang tina ngaridhoan khodijah, jeung bakal asup khodijah ka surga karena khodijah istri anu sholehah.

AKHLAQUL BANAT Juz 1 Judul ke 6

 ماذايجب عليك لربك ؟

  1. Nyaeta terang anjeun kumaha alloh masihan ni'mat ka anjeun ku ni'mat nu ageung, bari lewih loba. Maka kudu ibadah anjeun sareng ngagungkeun ka alloh swt, sareng migawe kana sakur nu di parentah ku alloh swt. Kudu ningalkeun kana sakur nu di larang ku alloh. Kudu lewih mika cinta anjeun ka alloh tibatan ka ibu ramana sareng tibatan mika cinta ka dirina, nyuprih kana sakabeh pamenta nu alus ka alloh swt. Ngado'a ka alloh kalawan salawasna supaya nuduhkeun kana jalan nu leres sareng kasalametan, sareng muga ngajadikeun alloh swt kana jadi istri anu alus, anu bagja dunia akherat.
  2. Dimana-mana syukuran ka alloh swt sareng turut kana parentahna maka alloh swt bakal mika cinta ka anjeun. Teras alloh swt bakal ngaraksa tina balai jeung pilara, sareng masihan kana sakabeh nu di maksud, sareng nambahan kana ni'mat. : 
          قال تعالى فى القران : لئن شكرتم لازيدنكم

     "Yakin lamun syukuran maraneh kabeh maka alloh bakal nambahan ni'mat ka maraneh kabeh"

    Lamun anjeun syukuran maka bakal hirup di dunia jeung di akherat bari bagja tur bungah.

    3. Misti deui ka anjeun: mika cinta ka sakabeh malaikat, para rosul, para nabi, sareng hamba alloh swt anu soleh, karena alloh swt mika cinta kanu kabeh.


Judul 7 : (Klik)


Sabtu, 18 Juni 2022

TIZAN || Muqodimah I

 بسم الله الرحمن الرحيم

Pangna sadaya kitab di mimitian ku maca bismillah : 1. Ngalap barokah ku nyebat jenengan alloh, jenengan alloh dina bismillah aya 3

 a. الله

 b. الرحمن

 c. الحيم

2. Turut kna Al - Qur'an sareng Al - Hadis

3. Aya dawuhan kanjeng nabi Muhammad SAW

كل امر دي بال لايبدا فيه ببسم الله الرحمن الرحيم فهو اقطع او اجدم او ابتر
 Hartosna : Sakur- sakur perkara anu sae dimana tru di mimitian ku maca ببسم الله الرحمن الرحيم
Maka eta perkara kurang sampurna saperti hayawan anu potong salasa hiji anggota badan na tegesna kurang sampurna.

Ari puji eta aya 4 :
1. قديم لقديم Puji alloh ka gusti alloh
    Conto : وهوالعلي العظيم
2. قديم لحدث.  Puji alloh ka makhluk na
Conto : وانك لعلى خلق عظيم
3. حديث لقديم Puji makhluk ka gusti Alloh
Conto : ان الله سميع عليم
4. حديث لحديث Puji makhluk ka makhluk

Ari ma'na sholawat aya 3 :
1. Shilawat ti Alloh namina rohmat
2. Sholawat ti malaikat namina istigfar
3. Ma'na sholawat ti mu'min namina do'a

Saba'da musonif ( nungarang ieu kitab) saba'dana musonif ngaoskkeun bismillah alhamdulillah sholawat sareng salam ka kanjeng nabi maka musonif nguningakeun kana jenengan nana nyaeta syekh ibrohim albajuri anu kagungan sifat tawadho ( rendah hati) anu ngagafuhan sifat tawadho anu ngaraoskeun butuh kana rohmat ti alloh anu waspada tur anu ningali sarta ngarumaoskeun lalawora kana ibadah ka alloh.
Satruacan ngadamel kitab tizan addarori syekh ibrohim albajuri kasumpingan ku ba'dul ikhwan (sapalihna dulur anu islam) eta ba'dul ikhwan th nyuhunkn ka syekh ibrohim albajuri supaya ngadamel hiji risalah, kitab anu eusina aqoidul iman nu 50 nyaeta :
1. 20 anu wajib di alloh
2. 20 anu muhal di alloh
3. 1 nu wenang di alloh
4. 4 anu wajib di rosul
5. 4 nu muhal di rosul
6. 1 nu wenang di rosul
Ari hartosna kitab tizan addarori nyaeta mutiara anu di taretes/ taretesna intan berlian. 
Maka sykeh ibrohim albajuri nyumponan kana kahoyongna ba'dul ikhwan ( ngadamrl risalah) bari ngadawuh kana lafad : وبالله التوفق
Hartosna  : kagusti alloh hungkuk ari nyuhunkeun pitulung
Ari aqidah eta aya 3 :
1. Aqidah uluhiyah hartosna sifat anu aya patalina sareng gusti alloh eusina aya 41
2. Aqidah nabawiyah hartosna sifat sifat anu patalina sareng para rosul eusina aya 9
3. Aqidah sam'iah hartosna perkara perkara anu di dangu ti alloh sareng tosul eusina seueur pisan sapertos ayana surga, naraka, isra mi'raj jeung sajabana.


Jumat, 10 Juni 2022

AKHLAQUL BANAT Juz 1 Judul 5

 

نعم الله سبحانهوتعالى

Ni'mat ALLAH SWT

  1.  1. Hei budak istri nu mulia : yakin anjeun moal aya di ieu dunia, maka ngadamel pangeran ka anjeun, ngaluskeun kana rupa, kalawan masihan alloh kana :

  • 2 soca, anu tiasa ningali kana pirang-pirang perkara
  • 2 cepil, anu ngadangu kana pirang-pirang sora
  • Letah, anu tiasa nyarios ku eta letah
  • 2 panangan, anu tiasa midamel kana padamelan
  • 2 sampean, anu tiasa leumpang kana kamanfaatan ngajauhan kanu matak ngamadaratkeun.

:قال الله تعالى

 اخرجكم من بطون امحاتكم لاتعلمون شيئا وجعل لكم السمع والابصاروالافئدةلعلكم تشكرون

"Sareng ari Alloh eta anu ngaluarkeun ti ibu maraneh kabeh henteu nyaho anjeun kana hiji perkara, sareng ngajadikeun Alloh kana pang dangu sareng paningali sareng kana hate maraneh kabeh, sareng bukti kudu syukuran maraneh kabeh.


  1. 2. Alloh henteu ngjadikeun ka anjeun kana saperti hayawan anu teu boga akal, tapi Alloh midamel ka anjeun anu boga akal : anu bisa ngabedakeun antara alus jeung goreng sareng antara kaalusan sareng kagkagorenga.

Sareng ari Alloh swt eta anu parantos nyimpen kana welas sareng kadeudeuh dina hate ibu rama anjeun, sahingga ngurus ibu rama ka anjeun kalawan ngurus anu sae.

Ari Alloh swt eta anu masihan kana sakur-sakur ni'mat, seperti :

  • Ni'mat sehat wal'afiyat/ kawarasan
  • Ni'mat tuang sareng eueut
  • Ni'mat sare sareng senang. Jsb.
Link judul ke 6 :

Rabu, 08 Juni 2022

AKHLAQUL BANAT_Juz 1 judul ke 4

  يحب ان تتادب البنت من صغرها

Wajib budak istri gaduh tatakrama tiwaktu alit 

Fatimah budak leutik anu sopan, mikaresep ka ibu ramana. Fatimah teh budak istri anu pinter. Fatimah mikaresep kana naroskn perkara anu teu kapaham.

Dina hiji poe Fatimah beberesih sareng ibunya di kebon. Tului Fatimah ningali kana tangkal kembang anu indah, tapina eta tangkal teh bengkok. Teras nyaris Fatimah : "Kacida alusna ieu kembang! Mah tapina kunaon ieu tangkal kembang teh bengkok?". Terasa nyarios mamah na :" Karena saestuna tukang kebon henteu nalian kana dahanna dina waktu alit, maka jadi bengkok". Teras nyarios Fatimah :"Supaya ieu tangkal sae, lempengkeun ayeuna!". Maka seri mamah na, teras nyarios : "Moal gampil, karena saestuna tangkalna tos ageung bari teuas".

Maka kesimpulannya tina nu di caritakn tadi, lamun urang henteu gawe akhlak ti waktu alit keneh maka moal aya tatakrama dina waktu ageungna.


Link judul 5:

Judul 5

AKHLAQUL BANAT_Juz 1 judul ke 3

البنت القبحة

Ari budk istri anu goreng tatakrama

  1. Tara tatakrama ka ibu rama sareng ka gurunya
  2. Tara hormat ka jalma anu lewih gede
  3. Tara nyaah ka jalma anu lewih alit
  4. Sok ngabohong dimana nyarios
  5. Sok ngaluhurkeun sora dimana seri
  6. Sok resep nya rekan
  7. Nyariosna sok awon
  8. Resep papaseaan
  9. Nyulayaan janji
  10. Sok ngaguguyonkeun
  11. Sombong
  12. Hasud ka pirang-pirang istri
  13. Sok gawe fitnah
  14. Tara era dimana migawe goreng
  15. Tara ngupingkeun nasehat

Link judul 4 :

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3) PERKANTORAN

BAB III MENERAPKAN KESELAMATAN DAN KESEHATAN KERJA (K3)PERKANTORAN   A.     Keselamatan dan Kesehatann Kerja (K3) Keselamatan dan keseha...